(Kang IsMaya)
Sabtu, 26 Januari 2013
Harendeg
Cetrék!
Bray, tipi hideung bodas dua belas inci. Témbong penyiarna. Manis.
Ngawartakeun kapal udara murag jeung ngaran-ngaran anu tilar dunyana
dina eta musibah. Teup, maca hiji ngaran. Harendeg. Gesut nyokot tas
sakola. Kusiwel amplop surat di buka deui. "Pasti da, moal daék nganteur
uing ka bandara. Wani tarohan lah!--Salam ti saingan beratmu, loh!--
Ih, naha kudu kaluar nagri sagala, naha teu di Jakarta atawa di Jogja we
ari bosen ngotok-ngowok ngatik elmu di Bangdung mah! Kabayang deui
waktu perpisahan. Manéhna daria pisan, ngajak paheula-heula nalukeun
haté Lea, Béntang SMA anu di kelas 3c. Anu geus leuwih ti heula indit ka
nagri deungeun. Ah, Wilujeng angkat, Bud!
(Kang IsMaya)
(Kang IsMaya)
Kareta Api Peuting
Kareta
Api laju dina relna. Mapay-mapay mongklengna peuting, Kuring tepung
jeung Manehna. Resep jeung bungah miboga batur sahate jeung
sapikiran.Teu weleh sempal guyon suka seuri bari jeung uplek
ngawangkongkeun kahirupan. Di hiji statsion, Manehna imut dareuda.
Ngebrehkeun yen urang kedah paturay, da enggeus tepi tujuan. Kareta Api
laju deui dina relna. Mapay-mapay mongklengna peuting, mawa Kuring nu
kari, nunggu waktuna di tepikeun ka tujuan.
(Kang IsMaya)
(Kang IsMaya)
Bisul
Geus teu rupek. Asa kaubaran. Malahan beureum beungeut. Nalika ningali
nu leuwih ti dirina nandangan kasakit. Kapiasem. Ari ras ku rehe dirina.
Teu pira. Gara-gara bisul dina bujur. Meni ngarampang-reumpeungkeun anu
jadi salaki. Geuning. Teu sakara-kara. Ari geus di belek ku dokter
bedah mah. Tah. Si Atah-adol anu pating sarenut ngakut nanah teh ilang.
Katingali salakina, geus ngajingjing keresek wadah obat. “Hayu, Yang
cuang mulih, bilih kabujeng ilang baal biusna. Keun sing sabar, moal
lami ge damang.” Kuring teu bisa nembal, era ku diri nu rehe.
(Kang IsMaya)
(Kang IsMaya)
Wanci simpe
Wanci simpe. Aya anu Besuk nanya ka dirina. “Tos di aos serat ti sim
kuring teh?” Surat naon? Asa anyar panggih jeung teu wawuh kanu Besuk
ieu. Tapi naha nanyakeun surat keur Dirina, anu dititipkeun ka Kang
Haji. “Poe Jumaah Kamari, bada subuh di tajug!” Pokna tandes. Asa teu
mikeun surat , Kang Haji mah. Terus bada subuh Jumaah kamari, apan
harita pisan mulangna ka Rohmattuloh. Kitu deui kulawargana, teu
nepikeun amanat . Padahal dirina ngahadiran tahlilana tepi ka tiluna, da
kaburu kaganggu ku kasakit. Moal kitu harilapeun Maranehna teh. Enya
hilapeun meureun , alatan tagiwur sareng katungkulkeun ku kasedih anu
karandapan. Paling! Engke mun waktu rineh jeung mulang ti Rumah Sakit,
ku Dirina arek di tanyakeun ka Ceu Haji. “Teu kedah ditaroskeun Nun, da
tos waktosna mulang Salira teh. Mangga di jajapkeun ku sim Kuring ka
Anjeuna! “ Pokna nu Besuk ka Dirina mingkin tandes. Wanci simpe laju ka
combrek.
(Kang IsMaya)
(Kang IsMaya)
Jumat, 25 Januari 2013
Gambar Toong
"Ngeeek, Ngoook, Ngeeek, Ngoook!” Moal poho ka eta sora. Tapi timana?
Ngadadak liwar ari keur nandang kasedih teh. Angin ngulinkeun hujan dina
beungeut jalan ge, disangka, “Ngeeek, Ngoook, Ngeeek, Ngoook!” timana
nya? Kolesed, cul cikopi ngebul nu kara saregot. Nikreuh, laju muru sora
nu kapireng. Teu nolih ka kerep hujan. Baheula ge jadi kaulinan malah
mindeng di lelewe jeung anu jadi sobat, ari tas balik sakola. Sakapeung
tepi patelak sagala, alatan kamalinaan heureuyna. “Ngeeek, Ngoook,
Ngeeek, Ngoook!” Ti gang leutik ieu ning. Anjog ka buruan sakola SD.
Katingali hiji budak lalaki keur anteng lalajo pilem gambar toong.
Tukang gambar toong eureun ngahardeona. Budak lalaki teh ngareret jeung
ngised merean tempat diuk keur kuring. “ Punten ngised sakedik Lur!”
Ceuk nu kakara jol. Kuring ngulisik. Ipah ngasorkeun cikopi ka lalaki nu
diuk gigireun, bari anggeur ngengelek incuna. “Dimana di kureubkeuna
Ajat teh Tis? Nineung ku harakna baheula tah ka sobat didinya mah!”
(Kang IsMaya)
(Kang IsMaya)
_Serat Kanggo Rini_
Wengi. Purnama
dina embun-embunan Pasir Bandéra sareng Pasir Tikukur. Sono. Émut ka
Salira nalika calik dina pangkonan. Pageuh. Meulitkeun panangan asih.
Raray dangah ngalebuhkeun Purnama. Nampeukeun kareueutna tresna. Mung
Salira nu apal kana kalemahan haté Aang. Nu teu kiat nadah
patingkaretipna bentang paneuteup ngarubung rasa. Asa cikeneh harewos
Salira, "Kalebet yu, aya nu sapesial geura!" Kiwari sami! Aang nuju
calik di tepas katineung. Neuteup Purnama nu teu benten sapertos ti
payun. Jiga ngawartoskeun yen Salira nuju ngantos di Taman Sari Nagri nu
Endah.
(Kang IsMaya)
(Kang IsMaya)
_Karna Pundung_
Gatotkaca rubuh
hareupeun Dipati Awangga. Kurawa Surak meni ear. Pandawa pating
jarerit. Kurusetra Igeung. Tagiwur. Langit ngepriskeun girimis, “
Lilir-lilir ya merbangun, lilir ya merbangun. Kaget denira ngimpen sare,
sarene angin salenyap, angin
salenyaap..” Kakawen Ki Dalang lirih di pirig gending gamelan. Gatotkaca
waras. Nyabut Konta tina dadana. Di pasrahkeun ka Ingkang Uwa Dipati,
bari mesem terus ngarengkenek. Jigrah-jigrah kewesna putra kedaton.
“Har, apanan ieu teh carita Baratayuda, naha Si Aca teu pejah Dalang?”
Dipati Karna nanya heraneun. “Cicing kuma dewek, ieu teh jawaban keur
Budak sunatan nu mangku hajat. Sangkan yakin yen Gatotkaca leuwih sakti
batan Superman!” Harewos Dalang kapiasem. “Enyalah kumaha nu di bendo
welah!” Adipati Karna ngajangileuk, terus lumpat asup kana kotak
wayang. Budak Sunatan jeung batur-baturna kaleprok bari surak
ear-earan. “Hoyoh Medook euy!"
(Kang IsMaya)
(Kang IsMaya)
Selasa, 22 Januari 2013
Lebar Atuh
Abah : Kabayaaaaaaaaan!
Kabayan : Kulan Abah..
Abah : Si Kesih nagih deui ka Abah, ari tadi dititah teh di bikeun henteu duitna?
Kabayan : Teu ah Abah..lebar atuh heg saratus rebu. mening di bikeun ka Nyi Iteung putra Abah.
Abah : Haduh boborot Aingah, Eta teh hutang Abah urut pulsa ka Si Kesih..Siah Borokokok!
(Kang IsMaya)
Kabayan : Kulan Abah..
Abah : Si Kesih nagih deui ka Abah, ari tadi dititah teh di bikeun henteu duitna?
Kabayan : Teu ah Abah..lebar atuh heg saratus rebu. mening di bikeun ka Nyi Iteung putra Abah.
Abah : Haduh boborot Aingah, Eta teh hutang Abah urut pulsa ka Si Kesih..Siah Borokokok!
(Kang IsMaya)
Langganan:
Postingan (Atom)