Sabtu, 26 Januari 2013

Harendeg

Cetrék! Bray, tipi hideung bodas dua belas inci. Témbong penyiarna. Manis. Ngawartakeun kapal udara murag jeung ngaran-ngaran anu tilar dunyana dina eta musibah. Teup, maca hiji ngaran. Harendeg. Gesut nyokot tas sakola. Kusiwel amplop surat di buka deui. "Pasti da, moal daék nganteur uing ka bandara. Wani tarohan lah!--Salam ti saingan beratmu, loh!-- Ih, naha kudu kaluar nagri sagala, naha teu di Jakarta atawa di Jogja we ari bosen ngotok-ngowok ngatik elmu di Bangdung mah! Kabayang deui waktu perpisahan. Manéhna daria pisan, ngajak paheula-heula nalukeun haté Lea, Béntang SMA anu di kelas 3c. Anu geus leuwih ti heula indit ka nagri deungeun. Ah, Wilujeng angkat, Bud!

 (Kang IsMaya)

Kareta Api Peuting

Kareta Api laju dina relna. Mapay-mapay mongklengna peuting, Kuring tepung jeung Manehna. Resep jeung bungah miboga batur sahate jeung sapikiran.Teu weleh sempal guyon suka seuri bari jeung uplek ngawangkongkeun kahirupan. Di hiji statsion, Manehna imut dareuda. Ngebrehkeun yen urang kedah paturay, da enggeus tepi tujuan. Kareta Api laju deui dina relna. Mapay-mapay mongklengna peuting, mawa Kuring nu kari, nunggu waktuna di tepikeun ka tujuan.

(Kang IsMaya)

Bisul

Geus teu rupek. Asa kaubaran. Malahan beureum beungeut. Nalika ningali nu leuwih ti dirina nandangan kasakit. Kapiasem. Ari ras ku rehe dirina. Teu pira. Gara-gara bisul dina bujur. Meni ngarampang-reumpeungkeun anu jadi salaki. Geuning. Teu sakara-kara. Ari geus di belek ku dokter bedah mah. Tah. Si Atah-adol anu pating sarenut ngakut nanah teh ilang. Katingali salakina, geus ngajingjing keresek wadah obat. “Hayu, Yang cuang mulih, bilih kabujeng ilang baal biusna. Keun sing sabar, moal lami ge damang.” Kuring teu bisa nembal, era ku diri nu rehe.

(Kang IsMaya)

Wanci simpe

Wanci simpe. Aya anu Besuk nanya ka dirina. “Tos di aos serat ti sim kuring teh?” Surat naon? Asa anyar panggih jeung teu wawuh kanu Besuk ieu. Tapi naha nanyakeun surat keur Dirina, anu dititipkeun ka Kang Haji. “Poe Jumaah Kamari, bada subuh di tajug!” Pokna tandes. Asa teu mikeun surat , Kang Haji mah. Terus bada subuh Jumaah kamari, apan harita pisan mulangna ka Rohmattuloh. Kitu deui kulawargana, teu nepikeun amanat . Padahal dirina ngahadiran tahlilana tepi ka tiluna, da kaburu kaganggu ku kasakit. Moal kitu harilapeun Maranehna teh. Enya hilapeun meureun , alatan tagiwur sareng katungkulkeun ku kasedih anu karandapan. Paling! Engke mun waktu rineh jeung mulang ti Rumah Sakit, ku Dirina arek di tanyakeun ka Ceu Haji. “Teu kedah ditaroskeun Nun, da tos waktosna mulang Salira teh. Mangga di jajapkeun ku sim Kuring ka Anjeuna! “ Pokna nu Besuk ka Dirina mingkin tandes. Wanci simpe laju ka combrek.

(Kang IsMaya)

Jumat, 25 Januari 2013

Gambar Toong

"Ngeeek, Ngoook, Ngeeek, Ngoook!” Moal poho ka eta sora. Tapi timana? Ngadadak liwar ari keur nandang kasedih teh. Angin ngulinkeun hujan dina beungeut jalan ge, disangka, “Ngeeek, Ngoook, Ngeeek, Ngoook!” timana nya? Kolesed, cul cikopi ngebul nu kara saregot. Nikreuh, laju muru sora nu kapireng. Teu nolih ka kerep hujan. Baheula ge jadi kaulinan malah mindeng di lelewe jeung anu jadi sobat, ari tas balik sakola. Sakapeung tepi patelak sagala, alatan kamalinaan heureuyna. “Ngeeek, Ngoook, Ngeeek, Ngoook!” Ti gang leutik ieu ning. Anjog ka buruan sakola SD. Katingali hiji budak lalaki keur anteng lalajo pilem gambar toong. Tukang gambar toong eureun ngahardeona. Budak lalaki teh ngareret jeung ngised merean tempat diuk keur kuring. “ Punten ngised sakedik Lur!” Ceuk nu kakara jol. Kuring ngulisik. Ipah ngasorkeun cikopi ka lalaki nu diuk gigireun, bari anggeur ngengelek incuna. “Dimana di kureubkeuna Ajat teh Tis? Nineung ku harakna baheula tah ka sobat didinya mah!”

(Kang IsMaya)

_Serat Kanggo Rini_

Wengi. Purnama dina embun-embunan Pasir Bandéra sareng Pasir Tikukur. Sono. Émut ka Salira nalika calik dina pangkonan. Pageuh. Meulitkeun panangan asih. Raray dangah ngalebuhkeun Purnama. Nampeukeun kareueutna tresna. Mung Salira nu apal kana kalemahan haté Aang. Nu teu kiat nadah patingkaretipna bentang paneuteup ngarubung rasa. Asa cikeneh harewos Salira, "Kalebet yu, aya nu sapesial geura!" Kiwari sami! Aang nuju calik di tepas katineung. Neuteup Purnama nu teu benten sapertos ti payun. Jiga ngawartoskeun yen Salira nuju ngantos di Taman Sari Nagri nu Endah.


(Kang IsMaya)

_Karna Pundung_

Gatotkaca rubuh hareupeun Dipati Awangga. Kurawa Surak meni ear. Pandawa pating jarerit. Kurusetra Igeung. Tagiwur. Langit ngepriskeun girimis, “ Lilir-lilir ya merbangun, lilir ya merbangun. Kaget denira ngimpen sare, sarene angin salenyap, angin salenyaap..” Kakawen Ki Dalang lirih di pirig gending gamelan. Gatotkaca waras. Nyabut Konta tina dadana. Di pasrahkeun ka Ingkang Uwa Dipati, bari mesem terus ngarengkenek. Jigrah-jigrah kewesna putra kedaton. “Har, apanan ieu teh carita Baratayuda, naha Si Aca teu pejah Dalang?” Dipati Karna nanya heraneun. “Cicing kuma dewek, ieu teh jawaban keur Budak sunatan nu mangku hajat. Sangkan yakin yen Gatotkaca leuwih sakti batan Superman!” Harewos Dalang kapiasem. “Enyalah kumaha nu di bendo welah!” Adipati Karna ngajangileuk, terus lumpat asup kana kotak wayang. Budak Sunatan jeung batur-baturna kaleprok bari surak ear-earan. “Hoyoh Medook euy!"

(Kang IsMaya)

Selasa, 22 Januari 2013

Lebar Atuh

Abah       : Kabayaaaaaaaaan!
Kabayan : Kulan Abah..
Abah       : Si Kesih nagih deui ka Abah, ari tadi dititah teh di bikeun henteu duitna?
Kabayan : Teu ah Abah..lebar atuh heg saratus rebu. mening di bikeun ka Nyi Iteung putra Abah.
Abah       : Haduh boborot Aingah, Eta teh hutang Abah urut pulsa ka Si Kesih..Siah Borokokok!

(Kang IsMaya)